TP | BANDUNG TV | GIA NOVIANDI | Nya kawas kieu kampung golok anu pernahna di kecamatan pasir jambu, kabupaten bandung. Hawa cuaca anu teu bisa dilelebah, ngabalukarkeun produksi golok di sentra industri golok di pasir jambu, ngurangan. Ku kituna, pesenan golok ti mangpirang lelewek di indonesia teu bisa dicumponan, tepi ka omset padagang golok nyirorot tepi ka 20 persen batan sasari. Hawa anu teu bisa dilelebah lain ukur ngagejed produksi mangpirang kabutuh pangan. Horeng, hawa anu teu bisa dilelebah ge ngagejed produksi golok katut pakarang sejenna anu dijieun sentra industri senjata tajam di pasir jambu. Hasil produksi ngurangan alatan pengrajin golok seuseuteun lebah nyangking bahan bakar beusi anu bakal ditempa jadi golok, nya eta areng.Hujan anu ngecrek ngagejed prakprakan nyieun areng. Ku kituna, prakprakan nyieun golok sarta pakarang sejenna kawas katana, keris, rencong jeung pakakas keur tatanen jadi gejed.