TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN |Tarekah pikeun ngalakonan sosialisasi kampanye pemilihan walikota Bandung 2018 lain ukur dikokolakeun ku masarakat umum, tapi oge di jero kampus. KPU kota Bandung ngalakonan kampanye goes to kampus, ka sababaraha paguron luhur di kota Bandung. Lian ti mangrupa sosialisasi pilwalkot, eta kagiatan teh dilakonan keur ngirut mahasiswa minangka pamilih potensial dina hajat pilwalkot. Prakprakan kampanye goes to kampus diluuhan ku pasangan calon, nya eta Nurul Arifin-Chairul Yakin, Yossi Irianto-Aries Supriatna, turta Yana Mulyana anu ngadeugdeug tan diaping pasanganana, Oded M Danial.