TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Dina video amatir, lebu vulkanik jeung haseup erupsi Gunung Tangkuban Parahu, di tapel Wates Bandung Barat jeung Kabupaten Subang, masih mubul poe salasa. Najan kiwari skalana leutik turta kaitung nyirorot, tapi erupsi taun ieu, kawilang panglilana lantaran karandapan meh 3 minggu.