TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Kepala grup advisory ekonomi bank Indonesia Jawa Barat, Pribadi Santoso nembrakeun, tepi ka kiwari ngagolangna duit kertas di Jabar masih rea. Pihakna ngarasa optimis, ketak ngadegkeun Quick Response Indonesia Standar atawa QRIS, bakal ngaronjatkeun transaksi Cashless boh sacara niley boh jumlah transaksi. Pribadi medar babandingan, upama samemehna pelaku UMKM nyorang transaksi sacara nontunai, ekonomi bakal ngaronjat antara nol koma lima tepi ka nol koma tujuh persen. Ku kituna, sakumna sistem babayar elektronik diwajibkeun make QR code anu dipedalkeun ku bank Indonesia.