TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Dina raraga mieling milangkala ka-74 Jawa Barat, Gubernur Jawa Barat, Ridwan Kamil, ngucap nuhun ka sakumna ASN ti mimiti hambalan provinsi tepi ka desa anu mampuh nguniangkeun Jabar Provinsi Termaju. Eta hal teh diebrehkeun ngaliwatan pamasrahan sababaraha pangajen dina upacara mieling milangkala Jawa Barat, di lapang gasibu kota Bandung, ancokeuneun warga Jawa Barat anu prestasina nyongcolang. Ridwan kamil ngembohan, kiwari, ASN Jawa Barat boga pancen tambahan, nya eta nguniangkeun visi Jabar juara lahir batin. Dirina ngerong, eta visi itu bisa dicangking ngaliwatan kolaborasi jeung inovasi.