TP | BANDUNGTV | ELBY NOPITRI | Saratus dua puluh anggota DPRD Jawa Barat pinilih periode 2019-2024, dicindekeun ku komisi pemilihan umum atawa KPU Jawa Barat. Dina emprona, eta prakprakan teh diluuhan ku gubernur Jawa Barat, ridwan kamil. Tina saratus dua puluh anggota dewan perwakilan rakyat daerah atawa DPRD Jawa Barat, opat puluh lima urang diantarana nya eta anggota heubeul, turta tujuh puluh lima urang sejenna mangrupa anggota anyar.