TP | BANDUNGTV | IWAN M RIDWAN | Dua poe samemeh Idul Adha, nu daragang cangkang kupat di pasar cicadas Bandung beuki neba. Salah saurang di antarana encun. Dirina nyieunan cangkang kupat bari langsung didagangkeun, sanajan jumlahna teu sarea poean idul fitri. Sanajan kitu cangkang kupat daganganana teu weleh payu dibareuli meh saban poena. Dirina dagang cangkang kupat ti saprak poe Kemis nu anyar kaliwat turta bakal dipungkas poe Saptu ieu. Cangkang kupat anu payu dijual ku dirina saban poena, teu kurang ti sarebu siki.