TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Nalika diwawancara satutas gempungan tertutup jeung sajumlahing kepala dinas pemadam kebakaran hambalan kabupaten jeung kota, pelaksana harian sekretaris daerah jabar, daud achmad nembrakeun, pihakna geus nampa laporan patali jeung musibah kahuruan di blok dua walet puncer gunung Cereme, poe rebo beurang. Tarekah pikeun ngungkulan eta musibah teh geus dilakonan ku BPBD Kuningan jeung Majalengka.