TP| BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Harga sapi kurban mapag poean Idul Adha 1440 Hijriyah, mimiti ngajaul batan sasari. Kawas anu karandapan di salah sahiji tempat nu ngajual sapi kurban di jalan Nyomplong, kota Sukabumi. Meh sakumna harga sapi kurban anu dijual di eta puseur tempat nu ngajual sapi naek batan sataun samemehna. Harga sapi hijina ngajaul antara sajuta tepi ka dua juta. Ku kituna, ayeuna harga sapi kurban nitih 6 juta tepi ka 35 juta hijina.