TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Kaayaan di taman wisata alam atawa TWA gunung Tangkuban Parahu, katiten normal. Wisatawan anu ngadeugdeug boh ti kota Bandung, boh ti saluareun daerah, samalah ti mancanagara masih tembong di eta tempat wisata, sanajan samemehna kungsi katarajang lini dina skala leutik.