TP | BANDUNGTV | ELBY NOPITRI | Walikota Bandung Oded M. Danial, diwewegan ku dinas pekerjaan umum kota Bandung, mitembeyan masangkeun Drumpori. Eta prakprakan masangkeun Drumpori teh dilakonan di kelurahan pasir endah kecamatan ujung berung kota Bandung. Eta Drumpori teh, fungsina aya dua, nyaeta salaku panyinglar caah, turta panampungan cai nalika usum halodo.