TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Petugas Kejaksaan Negeri, kabupaten Bandung, saharita ngiringkeun para Aparatur Sipil Negara tiluan kalawan inisial AP, AD jeung AN, anu mancen di pamarentahan kabupaten Bandung Barat, kana mobil tahanan. Eta para tersangka anu ngalungguh salaku kepala UPT Kebersihan, kasubag tata usaha UPT Kebersihan, turta bendahara pengeluaran pembantu UPT Kebersihan teh geus dipariksa sacara intensif jero sabulan ku petugas, ngeunaan kasus erongan korupsi waragad anggaran belanja bahan bakar minyak turta perawatan kendaraan bermotor di unit pelayanan teknis Kebersihan kabupaten Bandung Barat 2016.