TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Pabrik PT. Seng Do Tekstil, anu bagerak dina widang pemintalan benang atawa ngarara bahan baku kapas jeung sajabana sangkan jadi bola, di lelewek industri Solokan Jeruk, kabupaten Bandung, dijorag petugas gabungan ti satgas Citarum Harum sektor 21, Dit Reskrimsus Polda Jabar, turta Dinas Lingkungan Hidup kabupaten Bandung. Petugas gabungan kapaksa nutup salah sahiji saluran limbah siluman, anu aya di eta pabrik.