TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Warga kampung Margahurip, kecamatan Banjaran, kabupaten Bandung geus leuwih ti dua bulan seuseuteun cai beresih. Sumur kitu deui sungapan cai sejenna kiwari ngoletrak. Pikeun nohonan kabutuh cai konsumsi sapopoe, warga kapaksa mareuli cai bersih. Ari pikeun kaperluan nyuci, warga kapaksa laleumpang ngajugjug sumber cai anu kawilang nenggang.