TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Wakil Gubernur Jawa Barat, Uu Ruzanul Ulum nembrakeun, tepi ka kiwari tilu puluh tilu persen warga Jabar tacan tuhu kana mayar pajeg. Padahal, eta pajeg teh penting pikeun waragad pangwangunan Jawa Barat. Pikeun nurunkeun eta angka 33% jadi saeutikna 25 persen teh, uu nembrakeun kudu aya sosialisasi anu maksimal patali kana pentingna mayar pajeg. Kepala dinas anu boga weweng oge kudu jadi inovator sangkan eta target 25 persen teh bisa kahontal.