TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Nalika diwawancara satutas mitembeyan rakor panyarungsuman laporan keuangan di Bandung, poe Kemis isuk-isuk, sekretaris daerah Jabar, Iwa Karniwa nembrakeun, dina taun ieu 3 kabupaten nya eta tasikmalaya, Cianjur, jeung Bandung Barat nyangking opini wajar dengan pengecualian ti BPK. Ku kituna laporan keuanganana kudu dibebenah deui. Minangka tarekah pikeun ngungkulan eta hal, mangpirang tarekah dilakonan ku pihakna. Upamana wae ngalakonan kordinasi pikeun nyumebarkeun informasi ngeunaan sawatara hal anu kudu dilakonan ku pamarentah daerah, ngarojong eta kabupaten anu tilu sangkan nyangking WTP ngaliwatan ketak ngaidentifikasi pasualan, nyarungsum dokumen rarancang aksi, ngurangan risiko WDP, tur nindaklanjut sakumna panimu BPK.