TP | BANDUNGTV | IWAN M RIDWAN | Gubernur Jawa Barat nataharkeun peraturan pamarentah pikeun mangpirang badan anu nangtayungan widang cai anu tacan jinek nu ngokolakeunana, sangkan dilakonan ku perum jasa tirta dua, salah sahijina jatigede. Eta hal teh disorang sangkan cai baku, pariwisata, jeung irigasi di lelewek situ jatigede leuwih merenah. Ku kituna bisa leuwih ngarinjatkeun widang ekonomi masarakat di sabudeureunana.