TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Satutas musibah kahuruan anu ngabalukarkeun 60 kios padagang tumpur, kiwari, padagang korban kahuruan mimiti nareangan sesa barang di antara ruruntuk kiosna anu geus kaduruk, sanajan teu rea barang anu kapanggih anu masih bisa kapulung. Barang anu kapanggih karereaanana raruksak balukar kaduruk.