TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Sekretaris daerah Jawa Barat, Iwa Karniwa ngageuing Aparatur Sipil Negara atawa ASN sangkan teu marake mobil dinas pikeun keperluan mudik. Dirina ngembohan, luyu kana aturan menteri dalam negeri, mobil dinas ukur pikeun kaperluan dinas. Upama katohiyan aya asn anu make mobil dinas pikeun mudik, pihakna bakal nibanan sangsi luyu kana aturan anu dilarapkeun.