TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Nalika diwawancara satutas apel gelar pasukan ketupat lodaya 2019, Kapolrestabes Bandung, Kombes Pol Irman Sugema nandesekun, minangka tarekah pikeun nyinglar lampah karaman anu ngagasab harta banda ti imah warga anu ditinggalkeun mudik, pihakna nyayagakeun pos pangamanan di tilu puluh kecamatan di kota Bandung. Lian ti kitu, pihakna ngalakonan kordinasi jeung babinkantibmas katut babinsa, pikeun ngadata imah anu kosong lantaran ditinggalkeun mudik.