TP | BANDUNGTV | IWAN M RIDWAN | Minangka tarekah pikeun ngajaga kondusifitas satutas pemilu 2019 nu anyar kaliwat, pamarentah kabupaten Bandung, ngalakonan kagiatan safari Romadon ka sawatara lelewek. Salah sahijina anu dilakonan di lelewek Taman Cibaduyut Indah, kecamatan Dayeuhkolot, kabupaten Bandung. Warga jeung para ulama, katut instansi anu boga wewenang, riung mungpulung aub dina eta kagiatan.