TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Pangsa paekonomian Jabar anu ngahontal 14 persen tina nasional, turta pendapatan asli daerah anu ngahontal saeutikna dua puluh triliun, dipiharep lain ukur karasa mangpaatna ku pangusaha anu gede. Sakumaha anu ditembrakeun ku kepala kanwil tilu KPPU di kota Bandung, aru armando. Dirina nandeskeun, KPU bakal nyorang sinergi jeung pamarentah daerah anu boga wewenang, pikeun ngungkulan eta hal. Lian ti kitu, tumuwuhna e-commerce anu masif di dunya, oge jadi pangogan atawa tangtangan KPPU kiwari.