TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Prakprakan ngagali artepak sajarah di guha Pawon, diluluguan ku ketua tim panalungtik prasejarah guha Pawon – Lutfi Yondri. Panalungtikan anu dilakonan sajero tilu koma dua meter teh, reea manggihan mangpirang artepak turta sajumlahing careham (graham) jeung huntu sasatoan, anu dierong hirup dina jaman prasejarah. Panalungtikan dilakonan sacara horizontal, dina dadasar taneuh anu jerona 3 koma dua meter, lantaran di jerona anu sakitu teh kapanggih tujuh rorongkong manusa prasejarah. Eta tujuh manusa prasejarah teh, ngawakilan umur budaya anu beda-beda, anu hirup dina mangsa pleistosen jeung holosen.