TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Musibah taneuh ngiser di desa Kertaangsana, kecamatan Nyalindung, kabupaten Sukabumi, tepi ka kiwari masih ditalingakeun ku petugas bpbd turta tni katut polri di eta lelewek. Dumasar kana catetan bpbd aya 109 imah warga anu ruksak balukar eta taneuh ngiser teh. Tina eta data teh, jumlah karuksakan imah anu teu bisa cicingan beuki nambahan, jadi 90 imah tina samemehna 69 imah. Lian ti ngaruksak mangratus-ratus imah, eta musibah taneuh ngiser teh, ngaruksak jalan provinsi anu nepungkeun jalur Sukabumi-sagaranten. Kiwari warga diperdih ngungsi ka tempat anu geus ditataharkeun ku pihak pamarentah daerah, pikeun nyinglar korban jiwa balukar katindihan wangunan imah.