TP | BANDUNG TV | IWAN M RIDWAN | Revaldi Kurnia jeung Dadang Hawari Subhan, kiwari nyambuangkeun ngaran bangsa jeung negara Indonesia, satutas jadi pinunjul dina kagiatan lomba bergengsi Olimpiade Internasional Matematika, anu dikokolakeun ku pusat pendidikan juara olimpiade ti hongkong, di Phuket-Thailand. Revaldi Kurnia katut Dadang Hawari, jadi wawakil Indonesia anu nyangking medali emas, satutas tandang ngalawan 21 negara anu aub dina eta olimpade matematika.