TP | BANDUNG TV | IWAN M RIDWAN | Badan pengawas pemilu atawa Bawaslu Jawa Barat medalkeun rilis yen salila masa tenang tepi ka prakprakan nyoblos pemilu 2019, pihakna manggihan 13 kasus praktik politik uang di sajumlahing wewengkon di Jawa Barat. Eta panyalimpangan teh kapanggih ku Bawaslu di sajumlahing wewengkon anu rawan, kawas kabupaten Ciamis, Kuningan, Panganraran, Indramayu, Garut turta kota Bandung.