TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN | Mangpirang ketak anu unik tur kreatif dilakonan ku petugas kelompok penyelenggara pemungutan suara, atawa KPPS pikeun ngirut warga nu boga hak pilih, sangkan ngadareugdeug ka TPS pemilu 2019. Salah sahijina di TPS 05 kelurahan Cibadak, kecamatan astana anyar, kota Bandung, anu mapaesan TPS-na kalwan nuansa Tionghoa. Nuansa nasionalisme kalawan ornamen negeri tirai bambu, mapaesan sakumna TPS, ti mimiti raksukan anu dipake petugas KPPS tepi ka barongsai anu diteundeun di gerbang TPS. Sanajan TPS dipapaesan nuansa Tionghoa, tapi masarakat di eta TPS ngawengku mangpirang sekeseler. Tapi sakumna bisa runtut raut sauyunan, taya pasalingsingan hiji-hji seke selerna. Ketua TPS, wahyu mulyana nembrakeun, lian ti pikeun ngirurt warga sangkan ngadeugdeug ka TPS, eta TPS nuansa Tionghoa teh ngahaja dijieun pikeun meungkeut masarakat di sabudeureun Cibadak anu ngawengku mangpirang ragem agama turta sekeseler.