TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN | Saprak tabuh 7 isuk-isuk, warga gang harapan 1, kelurahan Sayang, kecamatan Cianjur, kabupaten Cianjur, ngadago di hareupeun TPS-47. Lantaran logistik tacan katampa ku petugas KPPS, warga kudu lila ngadagoan, lantaran prakprakan nyoblos tacan bisa dimimitian. Luyu kana jadwal, prakprakan pemungutan soara sakuduna geus dipaju tabuh 7 isuk-isuk, sanajan kitu tepi ka tabuh satengah 10, di TPS 47, prakprakan nyoblos tacan dibisa dilakonan. Eta kaayaan teh matak ngarahuh warga anu ti isuk mula geus ngadago di hareupeun TPS. Warga rea anu ngarasa kuciwa turta kancam teu bisa nyalurkeun hak sorana lantaran kudu ngabagi waktu jeung urusan sejen.