TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN | Sajumlahing petugas TNI-Polri turta BPBD kabupaten Bandung, mapag warga kampung Andir, kecamatan Baleendah, kabupaten Bandung, anu seja ngajugjug ka tempat pemungutan suara, nalika ngagunakeun hak sorana, pikeun pemilihan presiden turta legislatif periode 2019-2024. Pangna dipapagkeun teh lantaran eta lelewek masih kakeueum caah. Cai anu ngeueum ti mimiti lima puluh senti tepi ka sameter satengah. Eta caah teh ilaharna turun naek, tur geus karandapan geus meh dua minggu katompernakeun. Sajeroniong kitu kapolres Bandung, akbp indra hermawan nandeskeun, petugas gabungan bakal mapagkeun warga pikeun dijajap ka lokasi TPS. Eta ketak teh dilakonan pikeun nyingkahan golput.