TP | BANDUNGTV | IWAN M RIDWAN | Sasak Cisaar landeuh anu pernahna di desa Cipicung kecamatan Jatigede, kabupaten Sumedang, rugrug balukar katarajang cai walungan Cisaar anu ngagulidag satutas hujan karandapan jero saminggu. Eta sasak gantung anu nepungkeun lembur Cisaar tur Cihanyir teh, konstruksina rugrug tepi ka teu bisa diliwatan ku warga.