TP | BANDUNGTV | IWAN M RIDWAN | Tepi ka kiwari Bawaslu Jawa Barat, tacan nampa laporan ngeunaan panyalimpangan okneum nu ngabagikeun duit dina prakprakan kampanye. Tepi ka kiwari, prakprakan barangbere anu dilakonan ku tim pasangan capres-cawapres sewang-sewangan, masih dina aturan anu dimeunangkeun, anu mangrupa bahan kampanye. Kampanye rapat umum anu dilakonan, kakara dipaju di sawatara kabupaten, tur kota kawas di Bandung, karawang, bogor jeung Cimahi. Patali jeung sawatara panyalimpangan anu dilakonan, pihakna geus mepelingan turta ngeureunkeun kagiatan pawey, anu dipaju di luareun jadwal anu dicindekeun.