TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Masarakat kungsi geunjleung balukar nyaksian beja dina media massa tur media sosial ngeunaan kulawarga Jahidin jeung Ilah, turta anakna tujuhan, anu matuh dina saung urut kandang domba di kampung Cidadap, kecamatan Padalarang, kabupaten Bandung Barat. Masarakat ti sajumlahing wewengkon rea anu ngaduegdeug pikeun mere bantuan, boh moral boh material. Samalah wakil bupati kabupaten Bandung Barat, Hengki Kurniawan saharita ngadeugdeug ka eta temat, turta masrahkeun sajumlahing bantuan.