TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Mangratus-ratus nonoman anu ngawengku siswa-siswi sekolah menengah pertama, sekolah menengah atas tepi ka mahasiswa riung mungpulung di Gedong Kasenian Taman Budaya Jawa Barat, poe Salasa pasosore. Eta para nonoman teh galumbira nyaksian pintonan kasenian anu ngawengku seni tari, puisi, teater, musik tepi ka kaulinan barudak jaman baheula, anu dilakonan ku sajumlahin seniman ti kabupaten Ciamis. Eta sajumlahing kasenian teh dipintonkeun babarengan, tur dingaranan ngabungbang di lembur bulan.