TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Forum Masyarakat Cibeunying Kaler kota Bandung, ngadeugdeug ka Kantor Perusahaan Daerah Pasar Bermartabat, di lelewek jalan jurang, kota Bandung. Eta warga natanyakeun proyek revitalisasi pasar Cihaurgeulis, anu tepi ka kiwari tacan ngajanggelek, atawa mangkrak. Warga ngerong, eta proyek revitalisasi anu mangkrak teh, ngabalukarkeun kaayaan pasar Cihaurgeulis jadi paburantak. Lian ti kitu, kaayaan lingkungan turta patalimarga di pasar Cihaurgeulis oge remen ngagejed kagiatan warga Cibeunying Kaler.