TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Bank Indonesia diwewegan ku gubernur turta majelis ulama Indonesia ngadegkeun konsorsium halal di kota Bandung, poe salasa isuk-isuk. Eta konsorsium teh ngawengku dua belas lembaga anu asalna ti universitas, swasta, jeung sajabana. Gubernur Jawa Barat, ridwan kamil miharep, medalna eta konsorsium teh, pangladen produk halal bisa leuwih gancang. Ku kituna, saha wae anu matuh di Jawa Barat bakal ngarasa aman, lantaran produk anu dikonsumsina dicindekeun halal. Gubernur oge ngageuing sangkan pangusaha sagancangna ngalakonan sertifikasi halal produkna.