TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Dinas Kependudukan Dan Catatan Sipil atawa Disdukcapil Jabar mayeng ngarengsekeun rekaman turta nyitak KTP elektronik, samemeh pemilu presiden tur legislatif tanggal 17 April 2019. Kepala Disdukcapil Jabar, Heri Hermawan nembrakeun, 14 kabupaten kota geus rengse nyitak KTP, nyaeta kota Bandung, kota Bogor, kota Cirebon, kota Sukabumi, kota Tasikmalaya, kota Bekasi, kota Cimahi, kabupaten Garut, kabupaten Ciamis, kabupaten Majalengka, kabupaten Pangandaran, kabupaten Sukabumi, kabupaten Tasikmalaya, turta kabupaten Bandung Barat.