TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Sanajan caah anu ngeueum mangrebu-rebu imah warga di 3 kecamatan nya eta Baleendah, Dayeuhkolot, tur Bojongsoang, kiwari mimiti orot, tapi, pamarentah kabupaten Bandung nyindekeun status tanggap darurat bencana caah. Eta status tanggap darurat bencana caah teh ditembrakeun ku bupati Bandung, dadang m naser, nalika ngadeugdeug ka posko pangungsian. Bupati Bandung, dadang m naser ngeceskeun, eta status tanggap darurat bencana caah teh dilarapkeun sangkan prakprakan ngungkulan caah leuwih kakordinir jeung targetna merenah, turta dilarapkeun jero tujuh poe, ti mimiti poe jumaah nu anyar kaliwat.