TP | BANDUNGTV | ELBY NOPITRI | Menteri koordinator bidang kemaritiman, Luhut Binsar Panjaitan, ngaresmikeun sasak gantung pangpanjangna di Asia Tenggara. Eta sasak anu panjangna 250 meter sarta lega 1 satenah meter sarta jangkung 161 meter teh, dicindekeun minangka sasak gantung pangpanjangna di Asia Tenggara. Ayeuna, eta sasak teh jadi salah sahiji andeleun ti sababaraha lokasi wisata di kabupaten Sukabumi. Nalika ngalalar ka eta sasak gantung, wisatawan bisa nitenan kaendahan alam anu mangrupa gunung anu masih alami tur asri. Eta sasak teh ngahubungkeun objek wisata danau situgunung jeung objek wisata sejenna kawas curug sawer sarta wisata perkemahan kulawarga.