| TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | TNI turta Polri ngawewegan sinergitas pikeun ngaping pemilihan umum legislatif katut presiden bulan april nu bakal datang. Pangdam Tiga Siliwangi, Mayjen TNI Tri Soewandono nandeskeun, pihakna teu weleh sayaga ngarojong atawa nga-back-up Polri nalika ngajaga kaamanan pemilu. Sajeroning kitu, Kapolda Jabar, Irjen Pol Agung Budi Maryoto ngebrehkeun, lian ti ngawal prakprakan pemilu, TNI Polri oge bakal ngaping tur ngadidik masarakat sangkan teu kapangaruhan ku bewara bohong atawa hoax.