TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Bari mamawa karton jeung spanduk anu ditulisan ku kecap micangcam, mangpuluh-puluh urang ti sajumlahing organisasi anu bagerak dina widang lingkungan hidup, ngalakonan unjuk rasa di hareupeun kantor balai besar konservasi sumber daya alam atawa BBKSDA Jabar, poe kemis isuk-isuk. Massa nembrakeun panolakna kana diturunkeunana status gunung papandayan jeung kawah kamojang tina cagar alam jadi Taman Wisata Alam atawa TWA.