| TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Nya kawas kitu kaayaan sasak satutas cai walungan Cisaar, limpas anu pernahna di dusun Jembarwangi, kecamatan Tomo, kabupaten Sumedang. Eta sasak anu ngahubungkeun dua kecamatan teh ambles poe salasa isuk-isuk alatan hujan gede anu ngecrek poe senen peuting. Eta sasak cisaar teh dierong bakal rugtug dumeh tihang utamana rarengat turta ruksak parna.