| TP | BANDUNGTV | ELBY NOPITRI | Hasil panalungtikan epidemilogi puskesmas Sumedang selatan turta Dinas Kesehatan kabupaten Sumedang, lelewek Singaparna kelurahan Regol Wetan nyangking 40% jejentik reungit demam berdarah. Salah saurang warga katarajang demam berdarah, tepi ka kudu dirawat di rumah sakit umum daerah Sumedang. Pikeun numpes reungit anu nyumebarkeun virus DBD, warga singaparna diwewegan ku petugas puskesmas di eta tempat, ngalakonan foging atawa muput sajumlahing tempat.