TP | BANDUNGTV | IWAN M. RIDWAN | Komisi Pemilihan Umum, atawa KPU kabupaten Bandung bakal nambah hiji tps deui pikeun pesta demokrasi anu bakal dilakonan dina tanggal 17 april 2019 nu bakal datang. Dumasar kana data, tps di kabupaten Bandung jumlahna aya 10.339. Saeutikna, KPU kabupaten Bandung butuh 118 kotak sora pikeun nyumponan kabutuh di 10.339 tempat pemungutan suara atawa tps.