TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Forum kabupaten Bandung Barat sehat rukun gawe jeung pamarentah kabupaten Bandung Barat ngalakonan kagiatan sholat subuh berjamaah turta kerja bakti masal, sakumna aparatur sipil negara di lingkungan pemkab Bandung Barat. Eta kagiatan teh dipitembeyan ku solat subuh berjamaah anu diiluan ku sakumna pagawe aparatur sipil negara, atawa ASN di lingkungan pamarentah kabupaten Bandung Barat. Eta kagiatan teh dilakonan di mesjid agung ash-shiddiq di lingkungan komplek kantor pemerintahan kabupaten Bandung Barat. Satutas ngalakonan solat subuh berjamaah, sakumna ASN pemkab KBB turta forum kabupaten Bandung Barat sehat katut masarakat saharita ngalakonan kerja bakti masal, meresihan sakumna komplek kantor pamarentahan kabupaten Bandung Barat.