TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | ngajaulna jumlah kasus DBD di kota Sukabumi, ngabalukarkeun pamarentah daerah kota Sukabumi diwewegan ku kapulisian ngageuing ka masarakat pikeun ngajaga pola hirup sehat. Lian ti kitu, pemda oge geus nyieun surat edaran pikeun wilayah endemik balukar panarajang reungit aedes aegypti, ngaliwatan gerakan tiga m, nyaeta menguras bak mandi, mengubur genangan cai di buruan imah, turta menutup tempat panampungan cai beresih. Reungit DBD atawa jejentik reungit galibna baranahan dina tempat cai beresih.