TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Tilu rukun warga nyaeta RW 10, 11, jeung 12, kampung Cipatat, desa Lagadar, kecamatan Margaasih, kabupaten Bandung ngarahuh balukar bau anu nyegak ti PT. Gistex. Eta teh nyambuang tina IPAL PT. Gistex. Warga kampung Cipatat oge nandangan panyakit gangguan pernapasan kawas mengi jeung bronkitis, balukar saban poe ngambeu bau IPAL.