TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Pangwangunan bendungan Kuningan anu pernahna di desa Randusari kecamatan Cibeureum kabupaten Kuningan, meh saratus persen pungkas. Tapi, prakprakan pangwangunan anu dikeureuyeuh ti saprak taun 2013 teh, gejed alatan warga di dua rt di desa kawungsari, anu lahanna kudu dibebaskeun kalawan lega 5 koma 56 hektar di jero wates genangan tur 4 koma 54 hektar di luar wates genangan. Warga desa kawungsari miharep prakprakan ngabebaskeun lahan anu sarupa jeung lelewek randusari, nya eta bedol desa. Sekretaris daerah Jabar, iwa karniwa ngebrehkeun, pihakna bakal neangan bongbolongan ku cara menta legal opinion sarta kamandang ti kejati turta kpk republik Indonesia.