TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Taman Uncal mangrupa salasahiji taman anu pernahna di komplek pamarentahan kabupaten Bandung, kecamatan soreang, dipapaesan ku mangbelas-belas uncal totol anu asalna ti Penangkaran Rusa Istana Bogor, haneuteun dijarugjug ku warga pikeun ngamangpaatkeun waktuna. Ilaharana warga anu ngadeugdeug ka eta taman teh marawa budakna pikeun dipalotret, dialajar turta arulin jeung uncal. Lian ti bisa dipalotret babarengan, nu ngadareugdeug oge bisa adu hareupan turta maraban eta uncal ku wortel katut kangkung anu dijual dua rebuan.