TP | BANDUNGTV | ELBY NOPITRI | Aksi jemput bola pikeun ngarekam KTP dilakonan ka para narapidana katut tahanan di lapas nyomplong kota Sukabumi. 17 narapidana pangeusi eta lapas, ngalakonan perekaman sacara bagiliran. Saban napi antre dipotret, direkam sidik jari, tepi ka nanda tangan anu diladenan ku petugas dinas kependudukan dan catatan sipil kota Sukabumi.