TP | BANDUNGTV | ELBY NOPITRI | Basa diwawancara satutas gempungan di Rohang Ciremai Gedung Sate Bandung, Dirjen Rehabilitasi Sosial Kemensos RI, Edy Suharto nembrakeun, minangka respon kana video anu ngebrehkeun kaayaan Wiyata Guna anu pikalewangeun, dirina saharita ngadeugdeug ka eta tempat pikeun nitenan kaayanana. Tapi, dirina teu manggihan naon anu katembong dina eta video. Sanajan kitu, pihakna nyatujuan perjanjian hak pinjam pakai jeung pamarentah provinsi Jawa Barat, sangkan wiyata guna bisa direhabilitasi make waragad tina dana apbd.